Rabu, 01 Juni 2011

Cainjur Anu Kamashur


Pasundan titisan agung, nitis netes kadewataan,..

Parahyangan kota Agung kota kaluhungan nu balik ka indung. Kalungguhan ajeg tinemu, pamake agung kasawatara, kakoncara kajalanapria, satria nu teu dipunjulkeun di bumi alam, nyatrina dina eta kahirupan nerehna di kahandapan  samangsa cacaritaan samangsa jajadian dijadikeun kunu maha agung, kasucian nitibanan ningratna kamanusian, ngageularkeun ngunjukeun ayana kahirupan diakhir jaman. bumi alam hyang bumi agung, nuju kaagungan nuteu benang ditongtolerkeun ngawujudna di bumi alam, pamangku ning agung kaluhungan, kalungguhan pamadegan nu tinggal pinunjul, kahegaran kacaangan, ngemprayna ka bumi alam, bumi panyileukan tempat titisan, tatar sunda kahegaran, kaagreng kasabala kota, caang kasabalatara negri, ahengan kakoncara ka saban kota.

Priyayi priyayi gusti nu mehbarna kajagat nagri,  jagat raksa nu ngageular moncorong ka bumi alam,  ngagegeurkeun pangeusina, ngagentarkeun bumi alamna, jagat jagat kahirupan harudang, bari sasambat, duh gusti abdi tinepangan, sumangga geura geularkeun, ngahegarkeun lelembutan ngajembarkeun paraosan, nu nembe dipedarkeun, ngaleumpangkeun kasucian leleumbutan nu ngawadian, jagat panggih rejeung jangkarna, hirup rejeung kahirupanna, hirup rejeung sugihna, patepang rejeung asihna, ngaisana ka bumi alam Pasundan.

Nangtungkeun jagat kaluhungan, pamangkuna bumi alam, paseukna kahirupan, nu ngawengkuan bumi alam, pamangku agung ku tangtung, pamadegan kaningratan, pasundaan kadewataan,  kaagungan kaningratan nu nananggeuy bumi alam., bumi alam parahyangan kumpulan dewata agung,  karajaan nu agung  ning agung kiwari pada ngantosan, titisasan dewata raja sunda, raja galuh kalungguhan, kiwari ngantosan, sumangga geura geularkeun, nu ngaratuan di akhir jaman kiwari abadi sumeja bakti, ngantos widi kersa gusti, nitis netesken kaagungan ka ieu alam, abdi sadaya sumeja bakti.

Kiwari mangsana rame nu ngaku ngaku tururnan ningrat, raja sunda Pajajaran karatonan kadewataan, karajaan anu luhung nu umangku ngaisna jagat, ngaisna bumi dina geularna karatonan karajaan Pajajaran, di akhr jaman, kiwari pada ngantosan, menak menak dikota pada peryoga, ngantosan paduka tuan raja nu hiji hiji geular di bumi alam,  titis tulis batu tulis nu ngageular nungarajaan di akhir jaman, boh di kota boh  anu di desa, paleumburan nu ngahibarkeun kamshuran karajaan di akhir jaman.

Tanah pajajaran ratuna kadewataan, rajana manusa nu luar biasa, dewana para dewata, kahiyangan tatar kaagungan tatar sunda kadewasaan, anu luhung rajana sakabeh alam, nunangtung di bumi alam, menang pangkat kadewataan, pangkat kaningratan, kiwari bade digeularkeun.
Samangsa sacarita ieu leumbur tos sagala peryoga, Kantun ngantos paduka agung ning Agung muka alam paanjangan alam panitisan, totosna di akhir jaman, subur makmur ngageumahkeun tatar tanah Pasundaan, tanah leluhur kadewataan, nu suci kaagungan kaningratan di sakumna alam.

Ngantri ngabakti sumuhun dawuh kakersana guti, kiwari kantun di geularkeun, ngageular ku sakeursana, ngahudangkeun saborojolna pamundut gusti sakersana, sadayana manut  kalayan uwuk salam, mangga sumangga dihaturkeun digeularekun dina waktosna, mundut kutatanghar dina nungturunan kahirupan di yaumil akhir,
Langkah maju sadulurna, langkah tegap eta dirina, ngahiang ngahiberkeun ngaitkeun ati pasatemon rasana, dulur dulur di palemburan kiwari bagya ayana, nuju nojo pangbalikan ngahudangkeun rasa kamenakan ningrat kamanusian, Cianjur nungtururnan manjangkeun menak kaningratan kahirupan nu mawa kahegaran kamakmuran geularna d bumi alam.

Cianjur titisan dewata agung, ngahiang nyapulatarikeun, ngantosan ngajeumbarkeun, ngajemput nyugemakeun ngabagyakeun, kadongkapan pejuang agung geularna di bumi alam, moro julang ku aseupan, panganggesan pangbalikan tilarna dibumi alam, manggihkeun tatapakan manggihkeun duduluran kiwari urang bagyakeun.

Nalika ngait kana ati nyumponan kana rasa ngabangkitkeun kana raga.
ngajembarkeun tatanan  kahirupan nu ngamulyakeun, ngudag ninggal kaayaan di akhir jaman, ngudag pangaisan nu jadi indung bapana sapiduluran kiwari geus ngumpul dina mihrabna anu mulya, paduduluran ngahibur bari ngahiyangkeun, kidung kidung agung kalungguhan, kiwari urang kampung pada nojo pada nuju kampong pangbalikan.

Saleuleumbur urang makmurkeun, kiwari mangasana hade narekahan mapatkeun kahudang kaingeutkeun, kiwari urang gelarkeun, ngahiberkeun eta rijkina ngahudang raja laksana mukakeun agung panunjukna ngahudang indung bapakna, kiwari agung gumuluhung nu jadi indung kiwari ngadeuheus matak era saban desa matak era saban nagri, urang lembur ujug ujug bisa hibeur ngapung ngawung ngawung kapileumburan anu subur, ngamakmurkeun alam ngajeumbarkeun kahirupan bahterana hirup di ieu alam.

















Tidak ada komentar:

Posting Komentar