Rabu, 01 Juni 2011

Hak rejeung kawajiban pageularan di ieu alam

Hak rejeung kawajiban pageularan di ieu alam

Kuring ngalingkungan sakabeh alam ngadohirkeun ku kakawaasaan,..


Nyata kuring aya dimana mana, ngadohir ku ieu alamna
Ngawujud ku ieu dhohirna, hirup dina eta alam alamna
Hirup sanyatana Ngawungkulan, hirup sanyatana nu nangtukeun,
hiurp sanytana nu napakeun, ngageularkeun ieu ka hirupan

Katangtuan nu jadi sabab geularna ieu alam, tujuh lapis langit tujuh lapis bumi
Rejeung eusina, nganyatakeun ieu aya nu ngendalikeunna
Bumi katut eusina ieu pertanda kuring lahir ngawuud dina eta alamna
Ngawujud ngawungkulan ngageularkeun eta kahirupan,
Hirup nyata aya dina alam alamna, hirup nyata aya dina kawasana

Manusa pamanggul kahirupan ngawujud ngdohirkeun
Ngaleumpangkeun perjalanan, tatarekahan ngawujudkeu kahirupan
Lemah cai nujadi sabab kahirupan nungturunan, ayana kahirupan di akhir jaman
bathin bathin eta manusa nukawasa, ngaraksa eta perjalanan
nungtuluyan kahirupan, kuirng nyata aya dina di eta alamna

tapi nyata manusa teu rumasa aya hirup nusejeuna,
teu apal saha eta nu sahakna, ayana dina bathin bathin eta manusa
nyata aya nu kawasa, nyata aya nu kumawasa, ngendalikeun eta hirupna
ngadohir ngawujud jadi lakuna nu teu bias dikendalikeun ku dirina

manusa kur aku angga, mibogaan eta waruga bari eweuh kamawasa
nyata hirup kitu ayana, dina eta waruga nu kawasa, aya nu maha kawasa.
Dina raga nu teu bisa dipibanda ku eta manusa.

Kur bisa narimakun, nyukurkeun ka manteuna
Kitu peta hamba nu kumaula, teu bisa kumawsa ka diri diri
Eta manusa anu sejeuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar