Rabu, 01 Juni 2011

Gumalintang di bumi alam ngaheuyeb baralik ka Indung Bapakna

Hapunten anu kasuhun, Agung ning agung gumulung lalampahan anu diseja, ngabakti ngahiyang ngahanjuang agung ning agung kaagungan, hapunten anu di teda, rehna perjalanan parantos rengse, sakumaha pamundut tuang raka, mandat ti eyang suci pangersa gusti, Mama sepuh Abdullah Abdul Jabbar Siddiqun nu parantos ngabandaeut ngajejerkeun amanah, perjalanan perjalanan leluhur suci, tatapakan kaluhungan ngirngkeun kaningratan kasucian nu geular di bumi alam, haturnuhun sateuacanana.

Mangpirang pirang kabagyaan mangpirang pirang magpiroh, kaberkahan kasalametan, rehna rahmat sinareng salam di sanggakeun kakersan Dzattining Gusti Allah Ajja wajalla, nu mana parantos ngagumbirakeun ka sakumna alam, carancang hejo tihang, padang caang gumilir di bumi alam, ngahiyang ngabendereskeun ngoncarakeun ka Agungna alam paanjangan, alam paanjangan muja sono patepang sinareng gumilintangna kahirupan nu agng ning agung pinunjul di bumi alam.

manjatkeun puji sinareng salam kaluhungan, kahaturan tuang rama, rehna kiwari aranjeuna nu parantos ngahiyang di bumi alam, munjung sanagara manjing kaunggal negri, majeung Agung gumuluhung gumuruh di babakan Sumedang, sumeja bakti kahyang widi rehna kiwari parantos rengse lumungsurna ka bumi alam.

Babakan sumedang narogong garut, malihpir katengah bumi, nanggeuy jagat kahirupan, bari masihan terang rehna ieu alam bakal ngagolenceng, turup taneuh turup jagat malikeun pangbalikan ka bumi alam. Timimiti bakan sumedang, ngiring aub ngagoncang ngagolewang, ngagolontorkeun kokocoran di bumi alam Parahyangan.

Pasundan titisan dewata Agung, nu kengeng mihrab kabagyaan agung nu gumuluhung mukbak alam memeres di satungkabeun alam, jejeran anu teu balik ka indung, agung gumuluhung kajembaran gumilintang di akhir jaman, parantos geular kiwari nungturunan.

Jaman ngaheureta, jaman ngalingkungan, tatar sunda ngaheuyeub jagat malikeun kaluhungan, mulang tarimakeun, pancen suci kaningratan, nuluhung Agung gumilang elang kencana mihrab mihrab balik kaindung bapakna, luluhung kaagungan luhung kaningratan ngaratonan Pajajaran, kiwari unjuk sumangga, ngageular sakersana gusti nu agung nu nangtung sajagat raya, iwal gusti nu ngahiji sajatina, haturnuhun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar