Leumpang nyanewalakeun, permainan nu ngageularken,..
Pageularan kahirupan dina enggoning nyuprih karidoan pangeran, permainan nu dimainkeun, nyata hirup eta sorangan, lalagayan ngageularkeun ngamaksud eta tujuan, ngageular make ugaran, ugaran kiwari geular di bumi alam, ngan hanyakal loba kalolobaan manusa teu apal hakekat pageularan.
Ngudag ngudag kahayang ku teu make pikiran, ugaran teu jadi rujukan,.. katinggal dina kaayaan napakeun eta kahirupan, ninggal dunya acak acakan, eweuh kabeuneran, ari bener paributan, diaraku di dengung dengungkeun, kitu nyata eta bener kur sakadar pangakuan nu jauh dina pilampahan, leumpang papalimpang nuju salah nincakeun harepan, najan aya ugaran ngalengkah nu teu jelas tujuan, pilampahan nyukcruk jalur udagan jauh kana maksud tujuan, pageularan loba loba kasalahan.
Poho kana kampung harepan, akherat kur sabatas cacaritaan, eweuh nu nuju dina eta pilampahah, sakadar jadi dageulan jang ngudag ngudag pangagungan, panyanjungan martabat kahinaan geularna kabohongan, jauh naon nu jadi kabutuhan dina diri nu karandapan, nu dirasa teu matak ngabagyakeun, nyata nyata dina lelembutan, peta kalur dina diri teu bisa dibenerkeun.
Kitu nyata kahirupan pasalimpangan, teu netepken kana eta lelembutan, nu teu dibenerkeun kupamadegan dina eta pasejaan, tetenjoan kabodoan milampahan nu jauh dina sawangan, eta jadi pangagungan, bari nyata nu diseja teu matak nyugemakeun, kaagungan salah napsirkeun, kahirupan nu jadi panyalindungan teu matak ngagenahkeun, ngan kur jiga jauh kana enya, kitu peta prilaku manusa nu teu make paleunggeuran,.
Kiwari mangsana rame, kaulinan jadi kawajiban, kapastian jadi tongtonan, kaulinan jadi katangtuan, nincakeun kahiruapan teu make lelembutan, jauh kana ugaran nu nyampak dina arti hirup sorangan. Ari pangakuan manusa mahluk anu beradab, dina enggoning hirupna make kamulyaan, malah mah ku maranehna di pake tetekon dina enggoning napakeun eta kahirupan, kayakinan dina enggoning lalagayan di ieu alam, tapi nyata tetekon kur jadi alat ka ulinan, menangkeun pakaya rejeung jabatan dina nyungsi eta hirupna.
Alam pileumpangan alam paanjangan, ngudag nyuprih kampong harepan, nyata hirup aya tungtungan, ngageular aya batasan, tutup umur pangangeusan ngaakhiri kahirupan, nu nyata eta katangtuan teu benang di halangan, aya di ayakeun eweuh di eweuhkeun kur sabats kitu eta perjalanan awak awaken nu kumalandang di ieu alam.
Apal ku apalna ku teu jadi perubahan, teu jadi yakinan, ngaleumpangkeun peta dirina, kitu nyata hirup ayana ti awal berdirina tepi akhir ayana eta kahirupanna.
Kaayaan teu ngarobah tujuan, kanyataan teu ngarobah pilampahan,. nuju kampong harepan, nyata dunya tetep kitu hakna, eweuh kepastian eweuh perubahan. diawal ngadeg dijieun ieu kahirupan, manusa ngudag ngudag kahirupan dina alam nu aya batasan, kitu peta kabododoan teu rejeung make aturan, ngudag ngudag kaapesan mopohokeun pangbalikan, nyata pasejaan teu gampang dina nyatana, teu asal dijieun, kur nu bener bener khusu menangkeun pangkat kaningratan dewana kamanusian.
Kitu nyatana kahirupan ngudag ngudag kampung harepan, teu gampang dina netepkeun kahayangna, tarekah teguh dina milampahna, paguluweta rejeung nusamar dina eta alamna, kahinaan manjing netepkeun hirupna.
Kaapesan nu matak ti deuha eta manahna, nalangsa dina hirupna, ngudaag ngudag hawa napsu nu eweuh akhirna, hariwang sumoreang, nitibanan kahirupan, dimana hirup ngudag ngudag lamunan, samangsa sacarita, lalagayan nu teu make kajelasan.
hirup teu panggih rejeung kahirupanna, hirup teu panggih rejeung nu sajatina, kitu nyatana kaunggeul dina salasawios kitab, dawuhna pangeran, Saeutik pisan Jalma nu sujud syukur ka kami, kiwari manusa kitu ngaleuyana, matak hese usik di alamana, tapi kitu buktina eta alam panujuan saeutik nu hayangna,
Pangangeusan pangulinan kiwari surup waktuna, moal lami deui ditutup ku manteuna, alam pangbalikan alam pangangeusan kiwari geus munculkeun dina eta alamna, rupi sareng sanes kanten tos katinggal bruk brak di ieu alam, bermunculan ngageularkeun, nu teu kapikir sa teuacanna, boh alamna boh pangeusina kiwari naringalikeun, mere hobaran nguningakeun yen alam kiwari panungtungan. rek ditutup pageularan pangulinan kahirupan, nu kiwari rek munculkeu alam nu geus di caritakeun alam pangbalkan alam pangangeusan alam kaabadian kampong harepan, kiwari eukeur leumpang nuju akhir kahirupan, nyampurnakeun pileumpangan nu geus jadi katangtuan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar