Rabu, 10 Agustus 2011

Rupaning kahirupan geular di ieu alam

Lain hayang lulumpatan, nupuguh hirup can batian
lain hayang anjang anjangan nupuguh hirup gede kasukaan
lain hayang tuturubun kituna teh hirup loba kabutuhan

Can katinggal gedena can katinggal batina
dina hirup can aya kabogana
susur sasar leuleumpangan, susur sasar kana aisan
sihoreng dina hirup loba loba kasukaan

Buah ati buah nu jadi bati
ngaleumpangkeun tatapakan, nungguan kabagyaan
mana aya tatapakan, mileumpang jauh kana aisan
nupuguh mah hirup can aya kajeulasan

Rek kumha aya kabagyaan, dimana hirup teu apal titincakan
rek kumha aya kejeulasan dina hirup kur dohir nu jadi udagan
rek kumaha aya kanikmatan. peujit karek jadi pamikiran
kituna teh karek bagya sosoranganan can kena kana Aisan

Kitu nyata kahirupan, kitu nyata nujadi alasan kabagyaan kasenangan
karek dohir nu jadi tujuan,..can tepi kana leuleumbutan,
kabagyaan nu saestuna milalarkeun kana jajantung kahirupan
kana ati katumaninahan, kana bayah sumarabah tepi ka tengah imah

Poma ulah tungkul teuing poma ulah tanggah teuing
bisina kaliliwatan, bisina kalalajoan
nyata hirup katungkulkeun nyata hirup kabawakeun, ku eta titingalian

Lain ulah tunggul tinggal, tapi ulah satinggal tinggal
lain ulah dunga denge tapi ulah sedenge dengeun
nu matak eweuh gunana nu matak eweuh paedahna
wayah ku anjeun singrayaan. eta pagawean kalacutan.

Nu matak kedah perhatikeun, nu matak kedah direugeupkeun
carita ku jelasaan, papatah nu ngyugakeun nganteurkeun piwunjuk kahirupan
kiwari loba loba pertunjukkan, kiwari loba loba paggeularan
kade hideup sing gede asak sasar..rupaning kaulinan, rupaning cacaritaan
nu can jeulas kadituna nu can jeulas asalna, kiwari mah nukitu diparebutkeun

Hoream na mah hoream, ngan kumaha ngarana oge hirup, pinuh pinuh pageularan
mun teu bisa ngigeulan, mun teu bisa ngamaknaan, kurang kurangna kabawakeun
wayah sing asak sasar.. ku tinemu kaluhungan ku pangaweruh ka Islaman
urang bisa ngigeulan urang bisa ka paham, rupaning kahirupan teu jadi kadoreksaan
malah miwah nambih nambih ka Imanan, kataqwaan sumujud di ieu alam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar