Jumat, 13 Januari 2012

Cacarakan Urang Sunda

Cacarakan urang sunda

Kiwari mah kuring hese ninggalna, neneangan nu jelas rupana, loba nu jiga tapi samar dina nyatana, nyata samar titinggalan, paninggalna ku eweuh benerna, tapi nyata kiwari asa ku loba nu neangan, jauh kana rupana loba anu nujuna, pajar maneh kiwari mah bener dina nyatana, hirup neangan nu teu jeulas udaganana.

Lumrah mangsa kiwari loba jalma hese mangrupa, hese ningali paniggal jauh kana benerna, benta mah benta ngan hanyakal erweuh tenjona, ngan hanyakal eweuh paninggalna, nu aya kur bolotot matana, paninggal jauh kana dirina, kiwari mangsana rame kiwari alamna rame, ninggal jalma hese rupa hese paninggal anu enya, ninggalna eces kalayan jelas maksudna, nu penting mah hasil kitu ujarna, nu penting mah jadi di alamna, soaql mangrupa rejeung henteu na mah eta mah nomor nu katujuh puluh.

kiwari alamna rame neneangan mangsa nu mang rupa, tapi nyata nu mangrupa sul;aya dina nyata, karek jiga enya tapi nyata dina eusina bebegig nu mawana.
kitu nyata kiwari mangsana samar jauh kapuhu huluna, jauh kana eusina,
jiga enya nyata rupa jauh kana asal bajuna. di deuleuna jiga enya, ari pas ninggal nu enya eta jadi teu mangrupa, ma,lum kiwari loba loba nu nipu daya, alasan ku alabatan beuratna nyorang dunya, kajeun sulaya dina wakca anu pertela. kitu nyata kahirupan alan dunya jauh ka puhu jauh kanu enya jauh ka indung bapana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar