Geus bakat hese robahna
teuas nu jadi hatena
lain teu ngarti jeung teu kahartina
nu puguh mah lampah leungit tatakaramana
laku tara ka uji, asal senang kumaha wae carana
laku asal bungah kumaha wae engke jadina
awal asal mimitina, milampahkeun di ieu alamna
teu kalayan panilaian, kaayaan kanyataan teu jadi pertimbangan
teu jadi bahan pamikiran gelar hirup di ieu alam
puguh puguh teu genahna, puguh puguh kasiksana
tapi myata teu robah nata hirupna
puguh susah ceuk ucapna, puguh riweuh ceuk dirina
tapi nyata dimana ditunjuken, dimana di wawadian
lain malah nganuhunkeun, malah malah salah ngartikeun
Neangan rupa alasan, nutup aeb timgkah hirupna,
ku rupa reka perdaya,..ku rupa carita rekayasa
kitu majar maneh kasombongan, nu hirup nu dihirupkeun
dina jero kahirupan..dina manah leuleumbutan
nu hese kasaksian.. hirup kitu cacaritaan
hirup teu ngaji dirina, tara mirosea hatena
pinuh eta diri ku hiri dengki, ku kakotoran eta hirupna
eta pisan nu hese katembusna.. cahaya nu maha sucina
rupa rupa kasieunna, rupa rupa kahawatirna
kakeu,eung eta nu jadi hatena, jungkrang sakitu lungkawingna
poek eta dirina..geu,euman nu jadi alamna
kitu nyata alam kapoekan.. nu tumerap dina leuleumbutan
nu hese kasaksian.....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar