Hirup loba kasieunan.
laku lampah kasalahan
utang itung teu make aturan,
pakean kahinaan
ieu pisan nu matak ringrang
benceng cewengna kahirupan
nata laku teu kalayan paleunggeran,
digenah genah sorangan
ieu pisan laku kadengkian, kalacutan
nu matak hirup loba kaisinan
mun urang nistrenan
laku lampah saban berkah, hirup jeung hikmah
mun nyata ngariksa,, hirup ieu boga rasa, moal miboga
komo komo ngaku ngaku boga jasa,,, eta rekayasa....
boga jasa ku pangala..boga jasa ku gede harta..ieu cilaka
teu maham hirup teu ngartikeu kahirupan....hirup kitu kapoekan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar