Selasa, 04 November 2014

Hukum kahiruupan

Naon nu ku urang dipilarian
naon nu ku urang di pikahayang
genahna hirup di ieu alam
didinya nyata jeung buktina
kahayang ngawujud dina hirupna

Geular nyata kitu buktina
mun nyata ku urang kariksa
didfinya pisan kanikmatan
pelajaran hirup di ieu alam
aya dina eta hirupna sorangan

genahna ku bisa narima
genahna ku alabatan kahartina
cape teu asa kasiksana
ripuh teu asa kajajahna
kitu hukum genah ku pangarti nu utama

Nyata hirup nu dihirupkeun ku dua kaayaan
dina pirang pirang kanyataan, kitu nyata hirup jojodioan
moal aya kahirupan di ieu alam tanpa nu dua jojododan
nu hirup nu dihirupkeun jadina kahirupan
kitu hukum kahirupan leumpang di ieu alam


Tidak ada komentar:

Posting Komentar