Rabu, 19 November 2014

Jalama ku papaes dunya. katinggal buruk rupa

katinggal cangkangna
kolot jeung henteu eta buahna
tinggal tingkahna, didinya pisan nu sabenerna
alus jeung henteuna, hate eusi manusa

aya nu saukur ucapan jeung cacaritaan
teu tinggal perwujudan dina kalakuan
alus mungguh pangingkaran................
nu kitu di sebut kamunapekan...........

rasa mah aya nilaina
puguh puguh bisa di bacana
dohir di eta alamna
aya kecap salah jeung benerna
kurang alus jeung gorengna
wajib jeung henteuna
haram jeung halalna
dimana hirup nu jadi hatena

ulah daek ku kapaksa
daekna ku sieun kacida
eweuh dasar panilaian pamikiran
kitu puguh hawa napsu setan

munapek di alam rupa
jiga asih jiga aya kanyaahna
puguh hate mah cua kacida

tinggal jalma buruk rupa
tinggal jalma ku papaes dunya
jalurna eweuh ukuran
meterna eweuh aksaraan

di geunah geunah ku diri
dipapantes ku manehna
kitu ukuran nu eweuh kapayusan
alusna ceuk hawa napsuna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar