Sagoreng gorengna indung
pasti nyaah kanu jadi anakna
sa goreng goreng nu jadi bapak
ngurus ngarawat kanu jadi anakna
ngurus sakumaha kabisana
ngarawat sesuai jeng kamampuana
lain teu hayang samodel batur kitu kabisana
kitu nyasat kanyahona... kaboga di eta alamna
ka asih diturunkeun kanu jadi aranakna
ka dedeuh ditepikeun kanu jadi anak incuna
kitu kanyaah nu jadi kolot anak anakna
kitu kadedeuh ditepikeun kunu jadi leluhurna
entong saban poe nyalahkeuna
teu bisa ngajaga kanyaah nu jadi indung bapakna
naon anak model kitu.. nyalahkeun kabisana
tanpa bisa meneurkeun, ngajeulaskeun
kitu hirup teu boga rasa.. kitu hirup teu boga rumasa
naon nu kitu kasebutna.. jelema hina teu apal tumarima
kana kadedeuh kanu jadi kolot kolotna
tumarima kadedeuhna.. tumarima kaasihna
ngieun kahadean di ieu alamna..................
lain kolot mun teu kolotteun......................
lain indung mun teu tinuluhung...................
nu kitu mah bubudakeun..........................
ngan waruga nu kolotna...........................
katinggal dina tingkah jeung ucapna..........
teu heman jeung nu jadi alamna................
Tidak ada komentar:
Posting Komentar