Sabtu, 29 Maret 2014

Bukti Kanyaah NU jadi Leluhur,.. Pikeun Anak Incuna

Carita hirup,... Nu ngahirupkeun
nu hade saling senangkeun
silih pikanyaah.. silih pikaasih, silih pikadeudeuh

heman kasasama heman kabaraya
hormat kabalarea kum,na manusa saalam dunya
Asihna hirup babarengan kakarabatan
saling anterkeun ka asih  ka heman
dina kumbuh hirup di ieu alam

Lain aing aingan..sewang sewangan
lain sosorangan tapi babarayaan
lain sosorangan tapi duduluran
kaena hirup teu bisa nyorangan
tapi butuh ku hirupna anu lian
nu matak hirup kudu sa,aisan sa,abringan
dina ka,asih ka deudeuh di ieu alam
 
Jembarna hirup saling agungkeun
jembarna hirup saling mulyakeun
jembarna hirup saling tulungan
jemnbarna hirup salingwaluyakeun
kitu hirup nu matak nyenangkeun

sipat gotong royong ges aya disabehdituna
sipat urang timur dina nyata hirupna
sipat nu ngawaluyakeun di ieu alamna

matak jembar pangeusina
matak reu,eus katinggalna
matak tenang nu jadi rahyatna
matak hegar nu nenjona
makmur tur subur eta negrina
gemah nu jadi nu rahaytna
ripah kitu alamna
ayeum tur tenrem kacatur eta negrina

kitu panguban carita nu jadi leluhurna
kitu carita asal usul nu jadi leluhurna
makom hirup darajat hirup
mulya tur agung dina nyatana

sajarah ges munjulkeun, sajarah ges nyaritakeun
ngobaran ku cacaritaan nyaah kanu jadi anak incuna
sangkan panggih jeung komara di ieu alamna..
nuluy dina waktuna bagya dina alamna

dina naskah ges dituliskeun dina carita ges diwartakeun
dina hikayat ges disajarahkeun
warta nu jadi carita, naskah nu jadi acara,
kahirupan lumangsung di ieu negrina
kitu bukti kanyaah nu jadi leluhurna,
pikeun anak incu di ieu negrina


Tidak ada komentar:

Posting Komentar