Kamis, 06 Maret 2014

Kamajuan teu jadi Kawaluyaan

Lain agung mun teu tinuluhung
lain berjuang mun teu caang padang
hirup kitu maham hirupna
milampah kareup dirina
kupuguh hirup kitu eta asalna
awal lahir ka ieu alamna

kitu nyasat hirup bener di ieu alam
hirup kitu nyatu rejeung mahkotana
dunia akherat pinunjul dina eta dirina

lain karya teu karasa....
puguh karya karasa kunu teu boga
lain komo bisa.. hirup kitu gede rumasa
hirup nyatu di ieu alam dunya

tinggal alam kiwari..... sagala puguh aya
ngan hanyakal.. loba nu teu kawasa
nyasat aya anu bisa.. teu karasa kunu teu boga
rek kumaha eweuh banda, sagala jadi derita
sagala jadi kahina.. geular hirup di ieu dunya

puguh kamajuan.. ceunah ceunah ngamakmurkeun
ngasejahterakeun.. teuing saha nu sejahtrana.........
teuing saha... nu makmurna..................................
kitu kecap bahasa.......... teu karasa kunu teu boga..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar