Jumat, 21 Maret 2014

kahayang lain asal kahayang., kahayang kudu puguh asal usulna.


kahayang nyata sarua.. rek urang kota kitu urang desa
ngan beda dina nyatana,, gumantung dina alamna.......
nyata aya dina hirupna,, alam eta bentuk kahayangna

manusa gumantung pamikirna,, pamikir aya dina alamna
tarekah dina nyatana.. menerkeun dina alam pamikirna..
nalaah kurupa cara.. sareat dina nyatana.. beda beda diana alamna

nyata nyata kaayaan.. aya aya kanyataan, beda beda di ieu alam
puguh nyata kabutuhan..nyata nyata di ihitiaran, ku rupa rupa sasareatan
sangkan nu jadi kabutuhan katutupan...

hirup kitu puguh faktana,, nyata nyata dina alamna
tapi mana fakta nu hirupna... jauh alam pileumpanganna
kitu hirup balukarna.. kitu alam nyandiwarna.. dimana teu mikirna
cilaka dina akhir baringna

lain asal kahayang,, kahayang kudu puguh asalna
dimana datangna..jang naon tujuanna.. kapibanda di ieu alamna
sangkan puguh ihtiarna..nyareatkeun di ieu alamna..
bagya nu jadi akhir hirupna............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar