Carita urang sunda nu resep eweuh nu ninggal.. babakuna ieu hirup, agung ku basana
ebreh ku dirina, hegar dina ayana, katinggal urang sundana
kapipir katengah kota, ka kota jaya manggala, ruang agung kaluhungan, ruang kosong ku isina
ngabayahbah dipipir imah, ngaleungkahkeun tapak lajakna, hayu hayu urang tanjeurkeun,
ulah agul kur carita dina wakca eweuh ka era, ujub katanghar ku batur, di tengah jalan apay apayan,
mana aya pawayangan eweuh pageularan, nyumput buni dinu caang eweuh nu ngigeulan,
barukna urang sunda teu tinggal kawani, lalanang jagat dina nyatana,
mana kiwari urang sunda mirosea eta bahasana, kiwari teu tinggal ngarana, mastakana eweuh rarayna,
ngawujud eweuh bentukna mana aya wibawa, dimana ngadeug eweuh tangtungna,
nu aya kur tinggal eta ngaranna, teu tinggal ngawujud dina eta bahasana,
kitu nyata urang sunda teu tinggal kaluhunganna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar