kiwari geus jaman carita sok jauh dina lakuna
carita kur rsakadar jadi wacana dina tarekahna,
kitu jalaran eta hirup di kieuna.. loba doreksana
kiwari hese ngartina loba anu nojo henteu nuju
anu nenjo teu ningali, nu ningali teu jadi wujud dina eta hirupna.
cenah hirup nyata aya rasana, ceunah hirup puguh buktina.
di gero unggal usum dipuntangan ungga poe
tapi nyata nu muntang eweuh nunangtungna.
mun hudang poho nangtung, mun nangtung sok poho kaindung
teiung naon eta hartina, ceuk sakaol eta purwana
asal hirup mimitina, tapi nyata nu asalna sok jauh,,
dimana hasil eta kahayangna
ma,lu hirup di ieu dunya sok hese benerna
carita nu jadi sabab panggih rejeung hahwa napsuna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar