Agung gumuluhung, agung tinepangan kabagyaan, pateupungna jeung dulur ku widi anu agung.
di akhir jaman,..kiwari baris narembongan,....
Asal ngahiyang asal ngajalujurkeun kahirupan di bumi alam. samangsa sacarita lalagayan kumalendang dina napakan, tapak lajak anu agung, gumuluhungna tatanjeur anu agung. rasa sono rasa kamelang ieu diri ku waas katempona, kuhese kacida panggihna, rejeung tinepangan kabagyaan nu manjangkeun kasonoan, rasa ati tur kabungah panggih jeung jatining hirup nu sajatina, kabagyaan nu nembongan, kasamper rejeung kasonoan, ati sukabungah balilahan, ku waktu nu cukup panjang ning agung panangtungan.
Agung tinepangan rejeung dudulur dulur nukapungkur, ngamaksud ngajalujurkeun ngarundaykeun tapak lajak kahirupan. samangsa sacarita lalagayan di ieu alam, papanggihan rejeung kabagyaan, teu gampang sapatemon dina nyatana, hakna ihtiar dina nyatana, ku hese beleke jajaluran rarambatan lir areuy sumebar di ieu alam.
tinepangan rasa ka sono tineupungan ku rasa bagya, papanggihan jeung dulur kunu lila mangsana, lila waktuna, samangsa indit inditan, samangsa udag udagan, kukurilingan neneangan, barang sasieureun dirudaykeun, nyobi nyobi nu mudah mudahan rasa kitilar kasono, rasa ka waas tina manah enggal tinepangan rejrung kabagyaan nu sahakna,
asa ku hesena kiwari papanggihan jeung mojang nu awis tepang, rasa sono rasa kasuka, rejeung kadeudeuh ieu hate hese di gular giilrna, naha iraha ieu hate bakal tineupungan ka sono eweuh ereuna. lumangsung eta lilana.. ku waas kacida nonoman nu tos lami henteu tepang, iraha .. iraha nya iraha sumangga ka kersana gusti ava anu bade diseja,.. ngabaktoskeun ieu diri lulumpaheun di ieu alam..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar