simkuring sok jadi bingung
mana bener ceuk agama
mana bener ceuk darigama
mana beuner ceuk budaya
mana bener di ieu dunya
bener eta pilampahan
nu kiwari sok jadi pamadegan
dina hirup te sakadar milampahkeun
tapi make aturan
aturan teu datang ku maneh
aturan datangna nungturunan
ti leuleuhur leuluhurna eta sorangan
timangsa dunya terlahir ka bumi alam
kitu nyata kahirupan nungturunan
tiawalna aya kahirupan
tepi kiwari lumangsung lilana
carita ka arita, beja ka beja
tapi nyata eta carita aya nu wakca
naha kiwari ku urang teu dipirosea
malah diapi lainkeun. malah ditongtolerkeun
mana urang nu kiwari, mana urang nu bakal datang
ges pastina aya urang nu sateuacanna
nyata hirup make runtuyan, teu kalur ku sorangan
nungturunan tatapakan dina mangsana eta alam
naha kiwari ku urang diapilainkeun
saha urang..saha urang.. nu sabeunerna..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar