Jumat, 16 Desember 2011

Agung juang ka yang agung, gumuluhung kaindung kiwari geular mangsana urang sunda gumuluhung.

kiwari geular alamna, urang sunda pada sujud ka mahkotana, ngajajarkeun tujuan hirupna, mangsa rengse eta dina nyatana, ku nu boga eta alamna, pageularan ngaheuyek hirup ku kiwari parantos katinggal eta hasilna, eta alam kacida agrengna, nu diserat dina pupuh karuhunna, netepkeun pasejaan dina alamna, ku tuduh ti eta leluhur bangsana, bangsa anu mulya bangsa anu boga darajat, ngawangun eta bangsana..alam ngaheuyeuk patula janji patula rasa ngageular dina mangsana.

kiwari sumujud kana eta nagrina, nagri nu jembar ku asih gusti, nuju nojo kana naon eta kahayang bangsana, kiwari tos katinggal rengse dina masana, tepang rejeung maksudna, nu ngersakuen eta alamna, nyondangkeun rasa nyondangkeun raga dina fakta anu aya, alam sukabungah pangeusina, dikiwari reang tepang arunjukkan pangeusi nu ngalalanakeun kahirupan nu mawa kaberkahan.

kamana abdi nyalindung,.. kasang hyang anu agung, agung gumuluhung ka indung, kiwari eungeus manjing mangsana, ngahibarkeun ka agungan ka luhungan nu berjuang ngabangun peradaban kamulyaan mungguh pangeran. ngabukbak kalacutan alam kahinaan nungaruksaqk kahirupan. kiwari geus lain mangsana. kadoliman geus kudu di ancurkeun, ngaruksak alam kahegaran nu dimaksud ku pangeuran.

kiwari engeus bukti karasana dunya ruksak ku pangeusina, dina laku hirupna teu make ada adaban dina tata titina, nyata eta alam kiwari geus wujud eta dohirna, kari geular eta mangsana ngadohir dina eta alamna.

rumasa loba nu boga, rumasa loba nu kawasa, kiwari bukti nu nyata, eta alam aya nubogana, ngadohir dina nyatana, ngan tepi kakiwari nu mana nu kudu dipercaya, alam ngadohir kukersa anjeuna. nu gaduh mahkuta kaagungan kaluhuran,.. sumebar di ieu alam haturnuhun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar