Kamis, 13 Agustus 2015

Jati diri manusa ges tinggal ngaran



lain salah arahan nu puguh mah arahan disalah gunakeun
lain salah ajaran nu puguh mah ajaran di selewengkeun
lain salah kaayaan nu puguh mah kanyataan nu nangtukeun
lain salah di kanyataan nu puguh mah kanyataan di tangtukeun
lain salah katangtuan nu puguh mah katangtuan di jadikeun

hal kitu ges di caritakeun,.. hal kitu ges di terangkeun
hal kitu ges diturunkeun,..hal kitu ges lila jadi perwujudan
laku kahirupan manusa di ieu alam...

nu puguh mah kamulyaan teu di jalankeun
nu puguh mah kamulyaan saukur ngaran
nu puguh sebutan teu kalayan pangartian
nu puguh mah pangaranan tanpa maknaan
nu puguh mah manusa ngudag ngudag kamewahan
nu puguh mah manusa ges kamalinaan
nu puguh mah manusa ges kaluar dina kamanusiaan

tinggal kiwari tinggal kaayaan tinggal kanyataan
manusa ges leungit sipat kamanusiaanna........
manusa ges leungit adab adaban......
manusa saukur ngaran tanpa makna jeung pangartian
katinggal dina tingkah di ieu alam

kitu pangaranan teu jadi kasejahteraan
kitu pangaranan teu jadi kaagungan
kitu pangaranan teu jadi kaluhungan
kur pangpangan nu euweuh perwujudan dina kahirupan
nu wujud saukur peragaan teu aya harkatan

tinggal kaayaan manusa rumampah di ieu alam
ngieun ngieun persoalan.. ngieun ngieun kaririweuhan
papaseaan..di rupa hal perkara kahirupan di ieu alam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar