Rabu, 03 Juni 2015

Jauh anggang nu teang,. sulaya pangeusi eta negrina

Ari beratna mah nataku.. Lila lalakonna
leumpang sakitu jauhna..teu jeulas mangsana
teu awas rupana..kana wujud nu jadi alamna

Ges lila lumampahna, napaken di ieu alamna.
jalan loba rupa warnana... numangrupa di ieu alam
Mung kumaha kur kitu katangtuanna..
jalajah nu wajib hukumna,..pikeun mahluk dina hakna
pikeun caang dina waktuna,, bagya dina akhir hirupna

Kayakinan ges terang dina jalan jalanna.. 
Caang lir moncorotna bulan, caang ning jagatna alam 
nu sakitu ngemprayna,.nu sakitu caang padang alamna 
ngempray katenjona buhara bihari pangeusina
matak bagya eta alam katut rahayatna

Ngudag alam nu baheula.. Nilik nincak alam kiwari
naha naha ku asa jauhna..carita di eta negrina
nu sakitu lamina nu sakitu bobolodogna... 
Asa rewas kana waktuna, jajantung ieu alamna,
jauh carita dikiwari, alam pangeusi eta  negrina

ngareret alam kiwari. ku sakitu heureutna
teu aya pibagyaeunna..naha naha teu benang maknana
alam sakitu rupekna..kiwari pada diparebutkeun.
jauh langkah mahkotana, kiwari alam poek katinggalna
tinggal tunggu kahancuran nu jadi alam jeung pangeusina

Tidak ada komentar:

Posting Komentar