Sabtu, 31 Mei 2014

Leumpangna Alam

Mun urang ngaguar,..... carita caritana
mun urang aya kahayangna..carita sakitu Mashurna
tunjuk kanu jadi anak incuna.... rumapah di ieu alamna

Pituah pituah dina eusina.. rupa carita dina nyatana
misil misil jeung isaratna..pitunjuk dina eusina........
sangkan bagya nu jadi anak incuna,,heman di ieu alamna

Welas Asih pangusina.. duduluran dina alamna
tinggal agung dina alampahna..luhung ku pangartina
jembar dina nyatana.. kumbuh hirup di ieu alamna

kahayang tinggal kahayang mana arek tepina
teu kalayan disorangna.. teu kalayan leumpangna
mana pangawasana.... ngaleumpangkeun ajeuranna

pituah pituah kaagungan pituah pitasuah kaluhungan
kiwari kur rame ngaranna..gaung dina sorana.........
teu hiorup dina tingkah nu jadi pangeusina.............
manusa ukur ngaranna, teu mana u sabeunerna......
Manusa mungguh hakekatna.... manusa mungguh nu boga alamna

Ajaran rejueng ajeuran..sakitu mertelakeunna
sakitu jeulasna.. carita dinu saacanna............
pikeun tunjuk nu jadi anak incuna.................

rek kamana alam leumpangna... rek kamana alam pangeusina
didinya rahasiahna...nu boga dina nyatana,  manusa hese ngartina..
pangarti teu jadi alatna, pikeun leumpang di ieu alamna.................
rek kumaha caangna..rek kumaha apalna...leupang nu jadi alamna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar