Kamis, 10 April 2014

Leungit harkat kahirupan di ieu alam

Puja puji hirup kitu sajati...makna hirup di bumi
puja kanu bakti, bakti nu terpuji, puja puji kanu hiji
puja kanu tiheula  pamuji kanu kiwari sangkan ngahiji
hiji dina Aisan gusti..................................................

rek kumaha ngahiji..leungit puja rejeung puji..
kitu hirup ingakr janji....hirup kanu Maha Suci

nyata hirup puja jeung puji..mun nyata hayang kasih sajati
hirup ku huripna..hirup jeung huripna..kudu ngahuripkeun nu hirup 
sangkan hirup jadi hurip nu hirup di eta alamna...
hirupkeun puja puji di eta alamna...
kahirupan nu ngabagyakeun dina waktuna

leungit pujana..leungit pujina..leungit harkat hirupna
nu aya kur wujud wujud hirup, bangke eta ngarana
bau dina alamna...pajegjogan dina lampahna........'
gandeng di ieu alamna..paributan dunya eta nyatana
bangke hirup nu kumalandang di ieu alamna.....

tapi kitu bukti alam kiwari...rame dina nyatana
malum sato eta ngarana,,,dunya eta jadi udaganna
parebutan dina nyatana..teu aya kawaregan dina dunyana
tetap lapar jeung hausna..hirup eweuh waregna...
kitu dunya dina nyatana...teu aya kanyamanan dina faktana
malum sato pengeusina..kur dunya nu jadi udagan di eta alamna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar