Sabtu, 21 April 2012

Pielumburan nu bakal datang

Taretes tinggal ti kulon,
titis tulis ti batu tulis
ngadeugna angkat ngajemput
melak katumbiri di tengah leuweung
manjangkeun ti pakidulan
singingeut nu nukang nonggong
mangka hade ulah sisindirin
bilihna kamalinaan

angkatna ti belah ngetan
ngitung janji ngitung hutang
kiwari unjuk sumangga
urang etang nunjar ngulon

ti ayeuna kapayun urang sakseni
urang etang, painditan di tengah jalan
ngitung bulan ngitung tahun
ges  pasini ditengah jalan
kiwari urang geularkeun

mangka hade ulah geuruh
mangka hade kudu ngarti
prjalanan kiwari pasini
urang tingalikeun dina tahun anu pasini
dina bulan nu di teda
kiawari jadi ngabukti

tanggal ngora moal sulaya
ditengah tahuna anu jalan
pasini kalayan bukti
ngajadi dina tahun anu pasti
dina bulan nu amprok ditengah jalan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar