Mana aya kasejahteraan
euweuh penguasaan
mana aya penguasaan
hirup jauh tina rohmat pitulung
carita kur saukur carita
wakca kur sakadar pabeja beja
mana aya tanda carita nu jadi pertela
ngawujud di alam nyata
kiwari loba nu wakca
ngan hanyakal kur sakadar carita ka carita
beja tanpa berita, berita sok jiga nu enya
kitu nyata rumapah di ieu alam dunya
lain fakta nu jadi carita
lain fakta nu jadi carita
arita jauh tinu aya
mana kapibanda eta sejahtra
rumampah teu sa aya aya
dihareharekuen diapilainkeun
fakta nu karandapan
katinggal dina sapopoe kahirupan
kitu lampah kacilakaan
carita di cacaritakeun
wakca kur sakadar cacaritaan
mana aya kabuktian
sejahtra kur sesebutan
dina carita padongengan
carita loba wadulan
kabohongan pileumpangan
ma.lum nagri dongeng katelahna
carita teu nyambung dina eta kahirupan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar