Minggu, 27 November 2011

Cacarakan urang sunda rek balik kapileumburan

Cacarakan babakuna, ngajajrkewun tarekah eta hirupna
kiwari tinggal hasilna kota hegar katenjona
lemah cai tos ngantosan mukana alam kaagungan
kajembaran nungturunan tempat kampung pangbalikan
Nirwana tempat dewata ka endahan

ulin ulin kabasisir rengsena di pangadegan
kiwari parantos rengse nu agung narenjokeun
tinggal masa kiwari ieu alam, asa ges jempling
rensena tugas robbul Alamin, nungtun mawa kaharmotan
jampana kahirupan

katinggal masa kapungkur nyunyuhun laku nyunyuhun catur rangga
ieu alam teu nyugeumakeun, ditinggal rungseb narenjokeun
babakuna ku eweuh ka hegaran
kiwari rumengse cape memeres raga jeung pati jumeuneungna ieu alam

Alahamdulillah mangsana cape padeumaqleuna maju karengse
kantun saulat saulit mulas moles tarekahna, ngawujudkeun eta catur ranggana
babakuna beberes dina rumampahna, ngawungkulkeun dunya katut eusina

kiwari jumentul ngadeg eta alamna, kahegaran psangeusina,
agreng endah endah eta alamna, katenjo hegar eta pangeusina
urang sunda luhung ku tangtung, agung gumuluhung dina eusina
kiwari dumeuheus kanu bogana, nyata dunya kari ngawujudna
sakumaha carita di sabehdituna dunya ngadeg jeung ratuna
agung luhung ku tangtungna urang sunda aruih ka kampung halamanna.

pangeusian lalakonan, mawa dulur saaisan mawa dulur sakandungan
kiwari kantun nempatan, eta kampung kahegaran kiwari parantos ngantosan
yu hayu urang tempatan, baralik ka kampung hareupan
dewata tempat asli pangbalikan jumeuneung ratu kadilan
kiwari sumangga urang tempatan